Aya anu nyebutkeun, "Jelema anu hayang jadi pamingpin jamaah mah malar kana gawe mulya." Enya eta teh.
2
Sabab jadi pamingpin jamaah mah kudu ulah aya kuciwa. Pamajikan teu meunang leuwih ti hiji. Kudu wijaksana, kudu bisa nahan diri, kudu rapih, kudu someah ka semah, kudu bisa ngawuruk,
3
lain pamabokan, ulah bengis, kudu darehdeh, resep badami jeung ulah piduit.
4
Kudu bisa ngatur kulawarga sorangan, ku anak kudu katurut jeung dipikaajrih.
5
Sabab lamun ka kulawarga sorangan geus teu bisa ngatur, kumaha rek bisa ngatur jamaah Allah?
6
Kudu geus lila deuih asupna agama, supaya ulah jadi gumede tuluy tigubrag, saperti Iblis.
7
Jeung kudu hade kasebutkeunana ku nu di luar jamaah, supaya ulah jadi cela anu ahirna beunang kajiret ku Iblis.
8
Nya kitu keneh anu jaradi juruladen jamaah, kudu hade ahlak, kudu satarabasna, ulah beuki nginum, ulah mata duiteun,
9
kudu ngaku ku budi rasa anu beresih yen agamana teh nyata benerna.
10
Anu matak kudu diuji heula tabeatna, lamun lulus kakara jenengkeun.
11
Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.
12
Juru laden jamaah mah pamajikanana kudu hiji bae, jeung kudu bisa ngawarah anak jeung ngatur kulawargana.
13
Juru laden anu hade gawe tangtu bakal diajenan, matak laluasa nyarita perkara kapercayaan ka Kristus Yesus.
14
Sabot bapa nulis, bapa boga maksud rek buru-buru manggihan hidep.
15
Tapi bisi bae elat, hidep geus nyaho tina ieu surat kudu kumaha lampah hirup di kalangan warga Allah, nya eta di gareja Allah anu jumeneng, anu jadi tihang jeung panyangga kayaktian.
16
Geus teu bisa dibantah deui, rasiah ibadah urang teh kacida agungna: Kristus geus mijalma jadi manusa, hal eta ku Roh Suci geus dibuktikeun benerna, para malaikat saksina, dimashurkeun ka bangsa-bangsa, dipercaya ku saalam dunya, ayeuna Anjeunna geus diangkat ka sawarga.